ISTILAH NU SOK AYA DI SUNDA

JANGJAWOKAN

ISTILAH NU SOK AYA DI SUNDA
ISTILAH NU SOK AYA DI SUNDA
















Jangjawokan téh nyaéta mantra anu dipapatkeun upama arék ngamimitian hiji pagawéan, pikeun ménta kasalametan, hasil pamaksudan, jsb. 

JANGJAWOKAN PARANTI DIMINYAK 
Minyak aing minyak watu 
dipidu di sihung maung 
diocék di panonpoé 
sekartaji suru gajah 
nya gajah tunggal 
katawu wus kabeubeur wus 
kabeungkeut atina Si Anu 
atawa atina wong sajagat kabéh (Tina Pangajaran Sastra Sunda, 1997: 22). 

JANGJAWOKAN PARANTI LINTAR ATAWA NGUSEUP 
Aki Rékrék Turaya 
aing nya pangkonan sia 
bayu mas nu lénggang putih 
batu emas nu lénggang hérang 
bumi meneng bayu meneng 
ku sangkilat ku moncorong 
ratna putih sang ibuh putih 
undur ku sangkilat sakti 
nya isun sang demit jati (Tina Pangajaran Sastra Sunda, 1997: 22). 

JAMPÉ


Jampé téh nyaéta mantra anu dipapatkeun atawa dipaké pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hadé sangkan jadi hadé, cageur, jsb. 

JAMPÉ KA BUDAK NU SOK CEURIK BAÉ 
Nyi Ara-ara 
Nyi Iri-iri 
ulah sok jail ka adi 
tuh, da sia bawa ngajadi 
jep meneng si jabang bayi (Tina Pangajaran Sastra Sunda, 1997: 17-18). 

Tamsyah spk., Budi Rahayu, Drs. 1997. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. 
----(1999). Kamus Istilah Tata Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. 

ASIHAN


Asihan nyaéta mantra anu dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri nu mapatkeunana; jampé supaya dipikabogoh. Asihan disebut ogé pélét. 

ASIHAN ROSUL 
Ya Alloh ya badan 
Ya nyawa ya Rasululloh 
nur putih nu misésa 
roh putih madep sira 
maring ingsun 
ya ingsun ratu agung purbawisésa 
pangandikaning Alloh 
sumujud sira maring ingsun 
ya ingsun kang misésa 
ket puket atina si Anu 
maring ingsun 
ya ingsun pangéran nira 
teka welas teka asih 
asih ka awaking 
awaking ratu asihan 

ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG 
Nu cunduk bayu si Anu 
nu datang atmana si Éta 
reujeung satineung jeung aing 
mangka datang jeung ragana 
mangka cunduk jeung bayuna 
mangka naranya jeung satineung 
mangka tunggal atmana 
iya rasa nira 
iya rasa nisun 
saking purbaning Pangéran 
asih ka awaking 
nu bogoh paboro-boro 
nu hayang paheula-heula 
nu beuki pagiling-giling 
nya bayu pagulung-gulung 
nya atma paheula-heula 
mangka reujeung satineung 
da tungkul geusan jeung sukma 
mangka lebur pucus rempag bayahna 
mangka rugrug sagala 
mangka asih ka awaking 
da urang reujeung sarasa 
da urang reujeung satineung 
da urang reujeung sabayu 
iya iku asihan sang pudet 
asihan remek salir 

Tamsyah spk., Budi Rahayu, Drs. 1997. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. 
----(1999). Kamus Istilah Tata Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. 

AJIAN


Ajian nyaéta mantra anu dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kasaktén, kabedasan, kawedukan, jsté. 

AJIAN KABEDASAN 
Pira wiyaring bumi 
amung sada lamakan ingsun 
pira duhuring langit 
amung sapanggayuh tanaga ingsun 
nya ingsun kang anyangga 
bumi pipitu langit pipitu 
sarta isiné kabéh Allahu Akbar 

AJIAN SABDA KAHIMENGAN 
Nu hurung sangkala hurung 
nu hurung rupaning bayu 
nu hérang sangkala hérang 
nu hérang rupaning sabda 
nu ireng sangkala ireng 
nu ireng rupaning idep 
bayu mungguh di jajantung 
sabda mungguh di baya 
hidep mungguh di angeun-angeun 

Tamsyah spk., Budi Rahayu, Drs. 1997. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. 
----(1999). Kamus Istilah Tata Basa Jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. 



ISTILAH NU SOK AYA DI SUNDA Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment