Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko Sariak Layung & Weungi Enjing tepang Deui

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko

Sariak Layung
Karya Mang Koko
====================================================

Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineung
eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh
Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar

Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.

Wengi Énjing Tepang Deui
Karya Mang Koko
====================================================
Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligarna
kapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.
Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diri
harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.
Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.

Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.


Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko Sariak Layung & Weungi Enjing tepang Deui Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment