Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Angkrék Japati & Bulan Langlayang Peuting

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko



Angkrék Japati
Karya Mang Koko
====================================================
Angkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.

ekang

Bulan Langlayang Peuting
Karya Mang Koko
====================================================
[Bulan téh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.] x 2
[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2
[Bulan téh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sunda
kacipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.] x 2

[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusaati
ka wétan muru bijil balebat.] x 2

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Angkrék Japati & Bulan Langlayang Peuting Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment