KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 2

KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 2
KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 2

Nah... Baraya Urang sambung deui kawih - kawih ka ulinan dina bagian anu kadua margi geuning seueur pami di kempelkeun mah , mangga atuh

KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK
=============================
Pérépét jéngkol

Pérépét jéngkol
Jajahéan
Kadempét kohkol
Jéjérétéan.
=============================
Paciwit-ciwit lutung

Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka tungtung
=============================
Ucang-ucang anggé

Ucang-ucang anggé
Mulung muncang ka papanggé
Diudag ku anjing gedé
Anjing gedé nu Ki Lebé
Ari gog, gog cungungung
=============================
Trang-trang koléntrang

Trang-trang koléntrang
Si londok paéh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan. 
Kawih lianna : 
Trang-trang koléntrang
Si londok paéh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan
Nyéh prot nyéh prot
Nya nyéréh nya kempot
=============================
Olé-olé ogong

Olé-olé ogong
Melak cabé di Tarogong
Dihakan ku embé ompong
Ditéang kari sapotong
=============================
Ambil-ambilan

- Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil
kami mah teu boga incu
- Si Anu kadieu
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé.

Kawih lianna :

- Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil,
kami mah teu boga incu
boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé
=============================
Olé-olé ogong

Olé-olé ogong
Melak cabé di Tarogong
Dihakan ku embé ompong
Ditéang kari sapotong
=============================
Meuncit Reungit

Di dieu meuncit reungit
Di dinya meuncit domba
Di dieu beuki leungit
Di dinya beuki loba.
Kawih lianna : 
Ka ditu meuncit domba
Ka dieu meuncit reungit
Ka ditu beuki loba
Ka dieu beuki leungit
=============================
Tong tong papatong

Tong tong papatong
Dibéré cau sapotong
Ari béak ménta deui
Teup, teup, teup
Ari eunteup jang Si Ujang.
=============================
Pim-pom pilem 

Pim-pom pilem jabésé
Sédan beureum ti Jogja
Batu ngampur dikempis
Pisang cau karonéng
Néngtét bujal di gunung
Nungtun sapi keur depa
Parahuna tiguling
=============================
Oray-orayan

Oray-orayan
Luar-léor mapay sawah
Entong ka sawah
Paréna keur sedeng beukah

Oray-orayan
Luar-léor mapay leuwi
Entong ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Anu mandi pandeuri

Oray-orayan
Luar-léor mapay kebon
Entong ka kebon
Loba barudak keur ngangon
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri. 
Sanggeus kitu, huluna tuluy ngudak buntutna bari disada, "kok, kok, kok, kok".
Kawih liannna :

Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungka laut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon

Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!
KAWIH - KAWIH KA ULINAN BARUDAK # 2 Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment