Lirik kawih Sunda Populer Sapanjang Masa

Lirik kawih Sunda Populer
Lirik kawih Sunda Populer
Maghrib
KAWIH - KAWIH POPULER SAPANJANG MASA
====================================================

Tah sora bedug batur tanda geus maghrib
Geus nitah reureuh ulin Ttrus ka masjid
Beulah kulon hibar layung

ngajak muji ka Yang Agung
Bubuy Bulan
KAWIH - KAWIH POPULER SAPANJANG MASA
====================================================

Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe di sasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali Ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Peuyeum Bandung
KAWIH - KAWIH POPULER SAPANJANG MASA
====================================================
Dimana mana di kampung di kota
Tos kakoncara ku nikmat rasana
Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina duh matak kabita
Peuyeum bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian bilih panasaran                                                                                                Peuyeum ti bandung henteu sambarangan
Manuk Dadali
KAWIH - KAWIH POPULER SAPANJANG MASA
====================================================

Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang jeung partentang taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia


Lirik kawih Sunda Populer Sapanjang Masa Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment