Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko Longkewang & Malati di Gunung Guntur

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko
Add captionLirik Kawih sunda Karya Mang Koko

Longkéwang
Karya Mang Koko
====================================================
[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.
[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.



Malati di Gunung Guntur
Karya Mang Koko
====================================================

Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina dina mumunggang leuweung larangan.
Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya para guriang.
Ayeuna kuring geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.
Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.

Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko Longkewang & Malati di Gunung Guntur Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment