Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Kembang Impian & Kembang Tanjung Panineungan

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko

Kembang Impian
Karya Mang Koko
====================================================
Antara lolongkrang kiceup - urang pateuteup - bulan pias enteupna lalangsé kayas - kaca jandéla nu muka - kaca katresna nu muka-peuting téh teuing ku jempling-asih téh teuing ku wening
Pangharepan lir laut nu jero-teu katepi ku sora panggero-urang teuleuman ku geter deudeuh duaan-urang tataran ku karep jeung pangharepan
Tong teuing ngedalkeun lisan-urang guneman-na ciptaan bagja deukeut patémbongan-geter ti ati ka ati - hiber jadina pasini-saranggeuy kembang impian-sungkemeun kana lamunan

Kembang Tanjung Panineungan
Karya Mang Koko
====================================================
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
beut henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.
Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun napasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan

Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling kana tanjung
nu dipulung éh, kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Kembang Impian & Kembang Tanjung Panineungan Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment