Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko Purnama Urang nu Boga & Sagagang Kembang Ros

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko

Purnama Urang Nu Boga
Karya Mang Koko
====================================================
Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji
Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman
Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.



Sagagang Kembang Ros
Karya Mang Koko
====================================================
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.
Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.
Ngaca pangharepan panteng kayakinan
na dasaring ati urang duaan.

Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko Purnama Urang nu Boga & Sagagang Kembang Ros Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment