Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Hariring Nu Kungsi Nyanding & Imut Malati

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko

Hariring Nu Kungsi Nyanding
Karya Mang Koko
====================================================
Purnama nu kungsi leungit ayeuna nganjang ka buruan deui anu kungsi kapiati kiwari urang ditepangkeun deui
Hariring nu kungsi nyanding ayeuna datang ngahaleuang deui hayu pataréma tineung cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan haté bangbras

Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan ati bangblas


Imut Malati
Karya Mang Koko
====================================================
Imut malati 
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti
Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng 
lalakon gending kadeudeuh
Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihna
ku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.
Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosna
ku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Hariring Nu Kungsi Nyanding & Imut Malati Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment