Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Dina Jandela & Hareupeun Kaca

Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko
Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko

Dina Jandela
Karya Mang Koko
====================================================
Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu teu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep.
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun


Hareupeun Kaca
Karya Mang Koko
====================================================

Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.
Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.

Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.


Lirik Kawih sunda Karya Mang Koko - Dina Jandela & Hareupeun Kaca Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment