HARTOS SISINDIRAN - PAPARIKAN SAREUNG WAWANGSALAN

HARTOS SISINDIRAN - PAPARIKAN SAREUNG WAWANGSALAN
HARTOS SISINDIRAN - PAPARIKAN SAREUNG WAWANGSALAN

Sampurasun ...Baraya, dina deungeut iyeu simkuring bade ngaguar perkawis sisindiran sareng sajabina sumangga di aos mugia seueur manfaatna....
=============================
wawangsalan - paparikan Sareung sisindiran

Wawangsalan téh nyaéta anu diwangun ku cangkang jeung eusi. 
Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal.
Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. 

Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. 
Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi.
Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
=============================
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)
 =============================
Paparikan téh nyaéta wangun . Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal . Ari jumlah dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. 
Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
=============================
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
=============================
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. 
Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.

Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd
Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
=============================
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
=============================
hiji deui :
=============================
lain Bangban lain Pacin,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.
=============================
Paparikan Piwuruk

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
=============================
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
=============================
Paparikan Sésébréd
=============================
Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:
=============================
Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
=============================
Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.
============================= 
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. 
Luyu jeung éta, dina sastra anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. 
Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. 
Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) ; (2) , jeung (3) . Ditilik tina eusina, jeung bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta:
(1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

Conto sisindiran:
=============================
Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
=============================
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,

cangkengna kamana-mana
HARTOS SISINDIRAN - PAPARIKAN SAREUNG WAWANGSALAN Rating: 4.5 Diposkan Oleh: denz

No comments:

Post a Comment